Tuesday, November 21, 2023

Sajak aki jeung balon

 

AKI JEUNG BALON

Sajak Karya: Ami Raksanagara

Beurat teuing léngkah Aki ngukur jalan
Kota Bandung geus biasa ku Aki mah diléngkahan
Dibaturan sobat ngaran  rancatan
Anu rantuy digantungan barang-barang kaulinan

Kakapalan kukudaan tarompét henteu tinggaleun
Geus biasa unggal poé ka unggal budak nawarkeun
Ujang, Eulis yeuh tingali barang Aki
Geura galeuh keur ameng engké di bumi

Aki! Aki! Abdi mah da hoyong balon
Deudeuh teuing kasép di Aki mah henteu aya
Niupna ogé Aki mah geus teu kawasa
Ripuh teuing da kedah nganggo tanaga
Ari Aki sakieu nya kakolotan

Mending ogé kasép ieu yeuh kokolécéran
Lamun angin muterna téh aduh jeung tarik pisan
Resep teuing engké ameng lulumpatan
Aki! Ka dieu! Kétang da abdi mah moal meuli
Ulah kitu kasép bet abong ka aki-aki
Ceuk sepuh mah kasép ngaheureuyan téh  pamali

Hiji dua léngkahna teuing ku beurat
Aya haté milu lewang paur umurna bret pegat
Teuing di mana Si Aki tetep nya matuh
Boa dina iuh tanjung atawa dipayung layung
Ngan nu nyata kulitna asak ku poé

Aki, mun ngajoprak sisi jalan saha teuing nu nulungan
Aki, mun ngajoprak di jambatan di mana nya pamatuhan
Aki, mun umur pegat di jalan saha anu ngarawatan
Aki! Aki! Rék ka mana lamun panonpoé saré

No comments:

Post a Comment

Soal UJian Sekolah Kelas 6 IPA 2024

  PENILAIAN SUMATIF AKHIR JENJANG (PSAJ) TAHUN PELAJARAN 2 023 / 2 024   Mata Pelajaran                          : IPA Kelas/Semest...