Sunday, September 17, 2023

SUMATIF TENGAH SEMESTER I ( STS) TAHUN PELAJARAN 2023 / 2024 SUNDA

 

I.    Cakra (x) dina salah sahiji aksara a, b, c, atawa d dihareup jawaban anu bener !

 

1.   Kaulinan anu dibarung ku kakawihan nyaéta ….

A. langlayangan               B. oray-orayan            C. boy-boyan              D. congklak

 

2.   Kaulinan barudak anu tradisional aya nu kaasup kana olahraga tradisional nyaéta ….

A. galah asin                    B. congklak                 C. langlayangan          D. béklen

 

3.   Kaulinan barudak jaman baheula béda jeung kaulinan barudak jaman ayeuna. Baheula mah barudak téh arulinna deukeut jeung ….

A. lapang                          B. sasatoan                 C. imah                       D. lingkungan

 

4.   Kaulinan néangan batur nu nyumput upama saurang jadi ucing. Biasana ucing ngitung heula méré waktu batur nyumput saacan kudu néangan kabéhanana. Aya rupa-rupa aturan, disebut ….

A. ucing-ucingan              B. ucing bandera         C. ucing sumput          D. uucingan

 

5.                                               

   Dina gambar digigir barudak téh keur ulin ….

   A. boy-boyan                      

   B. cingciripit            

   C. congklak             

   D. gatrik

 

6.   Dihandap aya rupa-rupa kaulinan barudak, iwal ti ….

 A. maén game                B. ngadu kaleci           C. oray-orayan            D. eundeuk-eundeukan

 

7.   Baju Bapa baseuh sabab uih damelna huhujanan.

Kecap diluhur mun dirobah jadi kecap rundayan nyaéta …

A. bajuan                          B. dibaju                      C. bajuna                     D. bajueun

 

8.   Ban nu dipaké ulin ku Asep tarik pisan digorolongkeun

Kecap diluhur mun dirobah jadi kecap rundayan nyaéta …

A. digorolongkeuna          C. digorolongkeunana

B. kagorolongkeun           D. kagorolongkeuna

 

Pék regepkeun ku hidep pupuh di handap pikeun ngajawab soal nomer 9-14 !

    

 Kembang

 (Kinanti)

 

Dina lahan anu subur
Tatangkalan gampang jadi
Anu èndah tangkal kembang
Nu jarangkung tangkal kai
Mèrè manfaat ka urang
Hasilna bisa kapetik

Tapi teu cukup ku kitu
Tatangkalan butuh cai
Anggur kudu dipiara
Ulah aya hama cicing
Di gemuk reujeung di cèbor
Di pariksa saban wanci

Hama hileud dina daun
Komo mun hente saeutik
Èta tèh jadi gangguan
Tatangkalan bakal rigil
Nya moal alus buahna
Pariksa masing taliti
                                     

 

 

9.      Pupuh diluhur mibanda … pada

A. 1                                B. 2                                          C. 3                             D. 4

10.   Guru wilangan dina pada ka hiji padalisan kadua nyaéta …

A.  4                                B. 6                                          C. 8                             D. 10

 

11.   Guru lagu dina pada katilu padalisan kahiji nyaéta …

A.  u                                B. i                                           C. a                             D. o

 

12.   Pola guru wilangan jeung guru lagu dina pada kadua nyaéta …

A. 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-o, 8-i                    C. 8-i, 8-a, 8-a, 8-i, 8-o, 8-i                 

B. 8-i, 8-a, 8-a, 8-i, 8-e, 8-a                   D. 8-u, 8-a, 8-a, 8-i, 8-o, 8-a

 

13.   Tatangkalan gampang jadi lamun dipelak dina ….

A. lahan anu lega           B. lahan anu subur                  C. lahan anu sempit    D. lahan anu rusak

 

14.   Hama anu sok ngaganggu tatangkalan nyaéta …

A. bangbung                 B. simeut                                 C. congcorang            D. hileud

 

15.   Imahna Gugun aya di wetan tajug.

Kecap diluhur mun dirobah jadi kecap rundayan nyaéta …

A. wetanan                    B. wetaneun                            C. wetankeun              D. wetaneuna

 

 

II.   Eusian titik-titik dihandap ieu ku jawaban anu bener !

16.   Kaulinan barudak jaman baheula disebut oge kaulinan …

17.   Kaulinan béklen nyaéta kaulinan nu maké kuwuk jeung …

18.   Bapa dudung mah gawe dikota

Kecap diluhur mun maké rarangkén -na jadi …

19.   Lomari téh hésé mindahkeun.

Kecap diluhur mun maké rarangkén -nana jadi …

20.   Ari pupuh téh ka iket ku patokan pupuh mangrupa watek, guru wilangan, jeung …

21.   Pupuh ngabogaan … rupa.

22.   Pupuh Kinanti ngabogaan watek …

23.   Tutup pantona loba kebul !

Kecap diluhur mun maké rarangkén -keun jadi …

24.   Pancakaki nyaéta …

25.   Asep nyebut ka lanceuk indungna ku sebutan …

 

III.    Pék jawab ku hidep pananya dihandap !

26.   Tuliskeun tilu rupa kaulinan jaman baheula !

 

Oray-orayan

Luar-léor mapay sawah Entong ka sawah

Paréna keur sedeung beukah

 

Oray-orayan

Luar-léor mapay kebon

Entong ka kebon

Di kebon loba nu ngangon

 

Mending ka leuwi

Di leuwi loba nu mandi

Saha anu mandi

Anu mandi na pandeuri

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

27.   Naon kaulinan barudak nu ngahaleuangkeun kawih diluhur ?

28.   Jieun kalimah tina kecap “bukuna” !

29.   Pupuh téh kabagi jadi dua, tuliskeun !

30.   Ibu – nyerat – guru – papan tulis – dina.

Pék susun kecap diluhur nepi ka jadi kalimah nu merenah !



Link : Soal Sunda Kelas 5

 

No comments:

Post a Comment

Soal UJian Sekolah Kelas 6 IPA 2024

  PENILAIAN SUMATIF AKHIR JENJANG (PSAJ) TAHUN PELAJARAN 2 023 / 2 024   Mata Pelajaran                          : IPA Kelas/Semest...